TANCEB KAYON

Nya harita kagambarkeun kanyaah, kadeudeuh indung jeung bapa. Anu ngasuh, ngatik reujeung pepeling taya kendatna unggal poe ngaping ngajaring taya bosena ngamumule buah hate.
Ya Alloh !!! Hapunten sagala dosa perdosa mantena meureun ieu nu disebut rasa kangen jeung kanyaah sok sanajan mantena tos

Paling hate bisa leler mun ngajugjug ka pajaratan ngadoa kanu kawasa mugia si Apa rejeung si Ema aya dina Rohmatna Gusti, aya sagedengeun mantena, aminnn…!!!
Tanceb kayon jadi saksi, jadi bukti anu sajati, sakabeh manusa pasti ! pasti ! bakal mulih ka jati mulang ka asal...madep ka Gusti Yang Widi sabab eta hiji papasten ti ajali. Mungguhing kumelendang manusa di ieu dunya diibarat wayang anu digerakeun ku dalangna, teu daya…teu upaya…teu bisa ngalalangkungan mantena, anu pasti di dunya diumbarakeun.
Harita kuring semegruk, rasa kangen, rasa sono kabeh pagaliwita tapi kudu kumaha ari jonghok mah teu bisa, paling tina rasa kana rasa, patali batin manteng moal pegat, anteb pisan. Tanceb kayon sajati menjadi saksi poe jaga bakal ngahiji kalayan Rohmatna Gusti Nu Maha Suci…

Rumasa abdi rumasa, mugia salira dijantenkeun ahli sorga. Amiinnn….
Kira wanci geus reup-reupan kuring mulang mawa hate anu tenang…kahoncewang, kahariwang ngadadak ilang mani endah, teur anteb, panineungan…