Kandaga Sasakala Karinding Lembang Makalangan
Sampurasun...!!!Assalaamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh
Atas nami pangurus, ngahaturkeun rewu nuhun laksa keti kabingahan kana sagala rupi pangrojong para pupuhu dina raraga ngenalkeun seni buhun ”Karinding sareng Celempung” dina dinten Ahad kaping 23 Mei Taun 2010, anu tempatna di alun - alun kawadanaan lembang. Kalayan barokah sareng rahayu pisan jalaran dukungan ti para pupuhu :
Bpk. Bupati Bandung Kulon
Bpk. Ketua DPRD Kab. Bandung Kulon
Bpk. Kapala DISBUDPAR Kab. Bandung Kulon
MUSPIKA Daerah Kac. Lembang
Bpk. Kapala BBPP - Lembang
Ketua RAFI Lokal Lembang (Frek. 14.3020)
Paguyuban Budi Asih Lembang (Frek, 14192.0)
Tokoh Masyarakat sareng Tokoh Agama
Organisasi Kapemudaan Kec. Lembang
Ais Pangampih kampung Cireundeu sareng Ais Pangampih Nagara Banceuy
Komunitas Karinding Sakacamatan Lembang
Komunitas Karinding Universitas Pendidikan Indonesia
Radio FM Jayagiri
Bpk. Bupati Bandung Kulon Bpk. Ketua DPRD Kab. Bandung Kulon
Bpk. Kapala DISBUDPAR Kab. Bandung Kulon
MUSPIKA Daerah Kac. Lembang
Bpk. Kapala BBPP - Lembang
Ketua RAFI Lokal Lembang (Frek. 14.3020)
Paguyuban Budi Asih Lembang (Frek, 14192.0)
Tokoh Masyarakat sareng Tokoh Agama
Organisasi Kapemudaan Kec. Lembang
Ais Pangampih kampung Cireundeu sareng Ais Pangampih Nagara Banceuy
Komunitas Karinding Sakacamatan Lembang
Komunitas Karinding Universitas Pendidikan Indonesia
Radio FM Jayagiri
Sim kuring wasta ANDIKA salasawios pengurusu beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeun sareng teu tiasa ngabales kana sagala rupi kasaean sareng pangrojong ti sadayana, mugia Alloh SWT ngaganjar kasadayana sing kenging panggentosan ti mantena...Amiinnn Ya Rabball Alamin...sareng mugia Kab. bandung Kulon, khususna Kec. lembang ngajanten daerah agrowisata anu di deudeul kesenian daerahna, anu tiasa mikat para pangunjungna boh tiluar nagri atawa pangunjung lokalna.Sim kuring nyerat ieu artikel sanes hoyong kapuji atanapi pupujieun, ieu mah bakating ku reueus sareng bakating ku bingah, saur bahasa dalang mah ”Bingah Amar Watu Suta” bingah anu taya hinggana.
Ku kituna kuring umajak kasadayana, utamina ka ki sunda, hayu urang sasarengan ngaheuyek seni budaya, sangkan teu kasilih ku jumti, ulah cul dog-dog tinggal igel, margi urang sadayana gaduh kawajiban kanggo nangeurkeun ieu budaya disarengan ku rasa Silih Asah, Silih Asih sareng Silih Asuh.
Atuh mugia para pupuhu salamina dipasihan kakiatan, kasehatan ti Alloh SWT sareng salamina kenging panangtayungan dina enggoning ngaheuyeuk nagari sareng masyarakatna anu GEMAH RIPAH LOHJINAWI KERTA RAHARJA... Amin...!!
Panuhun ka para pupuhu udagan teh seueur keneh upama kaparengkeun ti Kacamatan Lembang teh hoyong gaduh Sanggar Budaya atanapi Padepokan kanggo ngembangkeun seni budaya anu aya di 16 Desa Sakacamatan Lembang anu disaluryukeun sareng kasenian daerahna masing - masing.Rupina sakitu bae, hapunten kana sagala kalepatan sareng kakurangan, mugia Alloh marengkeun kana sagala cita - cita urang sadayana, Amin...!!!
Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabaraakatuh
Rampes
Lembang, 26 Mei 2010
ANDIKA